Balada Teroris

August 04, 2017

Si Emod ditéwak ku pulisi gara-gara disangka téroris, tuluy diasupkeun ka penjara.

Hiji waktu si Emod narima surat ti bapana: "Mod, bapa teh geus kolot, ayeuna téréh usum melak jagong deuih, manéh kalakah cicing di penjara, euweuh manéh mah moal aya nu mantuan bapa macul di kebon atuh ...."

Si Emod ngabales surat: "Pa, kebon ulah waka dipaculan atawa dipelakan jagong. Soalna uing ngaruang sanjata jeung pélorna di kebon éta Pa ...."

Singhoréng, surat balesan ti si Emod ku petugas penjara disénsor, atuh langsung dibéjakeun ka tim Dénsus 88.

Isukna, datang sapeleton Dénsus 88 ka imah bapana si Emod, teu loba omong deui langsung kabéh kebon dipaculan nepikeun sapoé jeput.

Sorena sanggeus tim Dénsus 88 baralik, bapa si Emod ngirim surat: "Mod, tadi aya tim Dénsus 88 cenah mah néangan bedil manéh nu di kebon, tapi teu kapanggih, bapa ayeuna kudu kumaha?"

Si omod ngabales suratna: "Pan Dénsus 88 geus mangmaculkeun kebon Bapa, sok ayeuna mah pelakkeun jagongna ...."

Petugas rutan nu nyénsor deui suratna langsung ngagoak, "Gélooo siah aing katipu ku si Emod, boro-boro naék pangkat ...!!!!" 👻

You Might Also Like

0 comments

Populer

Like us on Facebook

Flickr Images